SYAIRAN SUNDA KITAB SYU’BUL IMAN
SANLAT RAMADHAN PONPES DAARUL ISTIQOOMAH 1443 H/2022 M
اَلْحَمْدُ لِلّهِ الَّذِى قَدْ صَـيَّرَا * اِيْمَانَ شَخْصٍ ذَا شُعَبْ فَتُتَمَّمُ
Kabeh puji nu Allah nu ngajadikeun # Iman Jalma dahan-dahan sampurna
هَذِىْ بُيوْتٌ مِنْ كِتَابِ الْكُوْشِنِى * مَنْ قَـالَ بَعْدَ صَـلاَتِنَا نُسَـلِّمُ
Ieu pirang-pirang bait nadzom Kusyini # Nu ngucap bada sholawat jeung salamna
لِمُحَـمَّدٍ وَلآلِـهِ وَصَــحَـابَتِهْ * مَادَارَ شَمْسٌ فِى السَّمَـاءِ وَاَنْجُمُ
Ka Muhammad kulawarga sohabatna # Salagi ngubeng dilangit jeung bentangna
اِيْمَانُنَا بِضْعٌ وَعَــيْنٌ شُعْبَـةً * يَسْتَكْمِلَنْهَا اَهْـلُ فَضْلٍ يَعْظُمُ
Iman urang tujuh puluh tujuh dahan # Nyampurnakeun nu unggul dina agungna
آمِنْ بِرَبِّكَ وَالْمَلآئِكِ وَالْكُتُبِ * وَالأَنْبِيَا وَبِيَوْمِ يَفْنَى لْعَـالَمُ
Iman ka Pangeran, malaikat, kitab # Nabi-nabi jeung poe ruksak alamna
وَالْبَعْثِ وَالْقَدَرِ الْجَلِيْلِ وَجِمْعِنَا * فِي مَحْشَرٍ فِيهِ الْخَلاَئِقُ تَحَشَمُ
Hudang jeung papasten Allah kumpulna # Dina masyhar didinya makhluk bingungna
وَبِاَنَّ مَرْجِعَ مُسْـلِمٍ لِجِنَـانِهِ * وَبِاَنَّ مَرْجِـــعَ كَافِرٍ لِجَهَنَّمُ
Pangbalikan Anu Muslim kasawargana # Pangbalikan Anu kafir ka narakana
وَاحْبُبْ اِلَهَكَ خَفْ اَلِيْمَ عِقَابِهِ * وَلِرَحْمَةِ ارْجُ تَوَكَّلَنْ يَا مُسْلِمُ
Resep ka pangeran sieun ku siksaan # Kana rohmat tama tawakal muslimna
وَاحْبُبْ نَبِيَّكَ ثُمَّ عَظِّمْ قَدْرَهُ * وَابْخِلْ بِدِيْنِكَ مَا يُرَى بِكَ مَأْثَمُ
Resep ka nabi jeung ngagungkeun pangkatna # Koret ku Agama nu mantak dosana
وَاطْلُبْ لِعِلْمٍ ثُمَّ لَقِّـنْهُ الْوَرَى * عَظِّمْ كَلاَمَ الرَّبِّ وَاطْهُر تُعْصَمُ
Nuntut ilmu tuluy papatah kabatur # Ngagungkeun dauhan Allah nu sucina
صَلِّ الصَّلاَةَ وَزَكِّ مَالَكَ ثُمَّ صُمْ * وَاعْكُفْ وَحُجَّ وَجَاهِدَنَّ فَتُكْرَمُ
Angger solat bayar zakat jeung puasa # I’tikap haji jeung perang nu mulyana
رَابِطْ تَثَبَّتْ اَدِّ خُمْسَ مَغَـانِمٍ * حَتَّى يُفَرِّقَهُ الإِمَامُ الْحَــاكِمُ
Murobathoh istiqoomah jeng ghonimah # Hingga dibagikeun ku imam hakimna
وَاعْتِقْ وَكَفِّرْ اَوْفِ بِالْوَعْدِ اشْكُرَنْ * وَاحْفَظْ لِسَانَكَ ثُمَّ فَرْجَكَ تَغْنَمُ
Merdekakeun, kifarat nyumponan janji # Syukur, raksa lidah jeng farji untungna
اَدِّ اْلاَمَانَةَ لاَ تُقَـاتِلْ مُسْــلِمًا * وَاحْذَرْ طَعَامًا ثُمَّ مَالَكَ تَحْرُمُ
Bikeun titipan tong maehan nu Islam # Sieun dahar jeung harta anu haramna
وَالزِّيَّ مَعْ ظَرْفٍ وَلَهْوًا قَدْ نُهِيْ * اَنْفِقْ بِمَعْرُوْفٍ وَإِلاَّ تَأْثَـمُ
Papakean wadah rerey anu haram # Nganafakahan anu hade teu dosana
اُتْرُكْ وَاَمْسِكْ كُلَّ غِلٍّ وَالْحَسَدَ * حَرِّمْ لِعِرْضِ الْمُسْلِمِيْنَ فَتَسْلَمُ
Tinggal jeung nahan ngundek-ngundek jeung hasud # Haram nyacad ka muslimin salametna
أَخْلِصْ لِرَبِّكَ ثُمَّ سُرَّ بِطَاعَةٍ * وَاحْزَنْ بِسُوْءٍ تُبْ وَاَنْتَ النَّادِمُ
Ikhlas ka pangeran bungah bisa tho’at # Sedih ku ma’siat tobat nalangsana
وَائْتِ الضَّحِيَّةَ وَالْعَقِيْقَةَ وَاهْدِيَنْ*وَاُولِى الاُمُوْرِاَطِعْهُمُ لاَتَجْرِمُ
Kudu nyekel hukum golongan muslimin # Ngahukuman adil nu nyegah dosana
اَمْسِكْ حَبِيْبِى مَا عَلَيْهِ جَمَاعَةٌ * وَاحْكُمْ بِعَدْلٍ وَانْهَ مَاهُوَ مَأْثَمُ
Kudu nyekel hukum golongan muslimin # Ngahukuman adil nu nyegah dosana
وَأْمُرْ بِمَعْرُوْفٍ وَاَنْتَ اَعِنْهُمُ * جِدًّا عَلَى بِرٍّ وَتَقْوَى تُـكْرَمُ
Iman ma’ruf maneh nulungan ka batur # Enyaan dina hade jeung takwa mulyana
وَاسْتَحْيِ رَبَّكَ اَحْسِنَنْ لِلْوَالِدِ * رَحِمًا فَصِلْ حَسِّنْ بِخُلْقِكَ تُرْحَمُ
Isin ku pangeran ngaluskeun ka sepuh # Tepung baraya alus khuluq rohmatna
اَحْسِنْ لِقِنِّكَ فَاعْفُ عَنْهُ وَعَلِّمَنْ * وَاِطَاعَةُ السّادَاتِ عَبْدًاتَلْزَمُ
Ngaluskeun ka abid hampura wurukan # Turut abid ka sayyidna sawajibna
وَاحْفَظْ حُقُوْقَ الاَهْلِ وَالاَوْلاَدِ * اَنْفِقْ وَعَلِّمْهُمْ فَذَاكَ مُحَــتَّمُ
Raksa kabeh hak ahli jeung anak-anak # Nafakahan papatahan sawajibna
وَاحْبُبْ لأَهْلِ الدِّيْنِ رُدَّ سَلاَمَهُمْ * عُوْدَنَّ مَرْضَى صَلِّ مَوْتَى أَسْلَمُوْا
Resep ka ahli Agama jawab salam # Layad gering solat nu maot Islamna
شَمِّتْ لِعَاطِشِ مُسْلِمٍ حَمِدَ اْلإِلَهَ * وَابْعُدْ اَخِى عَنْ مُفْسِدٍ لاَتُظْلَمُ
Dua beresin nu Islam anu muji # Ngajauhan nu ngarusak tong dholimna
اَكْرِمِ لِجَارٍ ثُمَّ ضَيْفٍ وَاسْتُرَنْ *عَوْرَاتِ اَهْلِ الدِّيْنِ تَاْمَنْ تَغْنَمُ
Mulyakeun tatangga tamu jeung tutupan # Kawirang ahli Agama salametna
وَاصْبِرْ تَزَهَّدْ وَائْتِيَنَّ بِغِيْرَةٍ * اَعْرِضْ عَنْ الْمَلْغَاةِ جُدْ تَتَكَرَّمُ
Sobar zuhud ngalakonan tulatenan # Ngajauhan nganggur jeung berehanana
وَقِّرْ كَبِيْرًا وَارْحَمَنَّ صَغِيْرَنَا * أَصْلِحْ لِهَجْرِ الْمُسْلِمِيْنَ فَتُكْرَمُ
Hurmat saluhureun asih sahandapeun # Rapihkeun reheng muslimina samulyana
وَاحْبُبْ لِنَاسٍ مَا تُحِبُّ لِنَفْسِكَ * حَتَّى تَكُوْنَ بِجَنَّةٍ تَتَنَــعَّمُ
Resep ka batur nu resep kasorangan # Hingga maneh di surga senang-senangna
ثُمَّ الصَّلاَةُ عَلَى النَّبِيِّ مُحَمَّدٍ × وَاْلآلِ وَالصَّحْبِ الَّذِيْنَ يُحَشَّمُ
Tuluy rohmat ka kanjeng Nabi Muhammad # Kulawarga sohabat nu disangkesna